Ka’asih Indung (Cinta Kasih Ibu)
Oleh: Dedi Mulyadi![e706c-8-bupati-dedi-mulyadi-dikejar-anggota-fpi]()
Indung lembur panineungan
Wasilah mata munggaran
Alam nyanggap papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar lemah jajalanan
Ibunda kampung ingatan
Perantara mata pertama (yang pertama kali dilihat)
Alam selalu berpasangan
Tentu yang jadi ukuran
Terbentang tanah menjadi jalan
Lampah hirup dilakonan
Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun
Sesa umur dianteurkeun
Jalan kehidupan dilakoni
Cinta kasih bunda menyertai
Kain ditinggikan Sanggul diikatkan
Badan bungkuk ditegakkan
Sisa Umur dihantarkan
Ngaguru ku kabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh metuh jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting
Berguru karena kebodohan
Ikhlas mengisi kepintaran
Ludah Mantera (doa) makbul
Tegar melangkah dilakoni
Tanah Menghamparkan kasih saying
Menuntun laku yang mengkhawatirkan
Panas ajaran dari Siang hari
Berguru kepada kegelapan malam hari
Susuci ku cai ibu
Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung hirup nanjung
Bersuci dengan air susu Ibu
Amis Darah dan Pahang Tulang
Ayun ambing ayun ambing
Tegar pendirian kehidupan berutung
Lampah hirup dilakonan
Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun
Sesa umur dianteurkeun
Samping kebat gogoleran
Endah rema gugupayan
Sapanjang indung marengan
Ajeg lampah kamulyaan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting
Susuci ku cai ibu
Pahing getih pahang tulang
Langkah Kehidupan dijalani
Kasih Sayang Bunda Menyertai
Kain Sarung ditinggikan Sanggul Rambut diikatkan
Badan bungkuk ditegakkan
Sisa Umur dihantarkan
Kain Kebat* (…longgar) untuk berbaring
Indah Irama memanggil-mangil
Selama Ibunda menyertai
Tegar melangkah menuju kemulyaan
Tanah menghamparkan kasih sayang
Menuntun laku yang mengkhawatirkan
Panas ajaran dari Siang hari
Berguru kepada kegelapan malam hari
Bersuci dengan air Ibunda
Amis Darah dan rasa pahang ( …………) tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung…
…hirup nanjung
Ayun ambing ayun ambing
Tegar Pendirian….
… Hidup beruntung.
Girimis
Karya: Dedi Mulyadi
peuting neundeun panineungan,
bulan muru katangtuan balebat nganteurkeun caang.
Neang wanci pang harepan, moal peunggas ku lamunan.
simpe taraje nahate langit neuteup ngadeukeutan,
srangenge mendakan poe beurang muru lembur peuting,
lemah mapag rasa heman sagara ilang kamelang.
Lembur lengkob pamatuhan seah dangding meuntas langit.
Ngampar jajar kahuripan cai nyurupkeun kaasih,
sagara paheut ka lemah sumujud pangeusi nagri.
Kawung cunduk nganteur waktu marahmay pangeusi nagri,
durugdug munding malati muka welas matri asih,
raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya.
bumi manjing kalangitan seah hujan kabagjaan.
Ajeg gunung satangtungan susukan panjang harepan, melak tangkal ajeg lemah tung-tung waktu teu tinemu.
Lungse
Karya: Dedi Mulyadi
Peuting tingtrim ku poekna
Beurang mernah ku caangna
Leumpang muru katangtuan
Asih nu jadi harepan
Sirah cai semu nyeri
Bingung lemah pangbalikan
Rongkah jiga nu amarah
Dimana kaasih gusti
Leungeun meunggaskeun lamunan
Panon poe semu semu lungse
Bulan rumahuh ka gunung
Bentang leungiteun udagan
Waktu teu nyurup itungan
Usum teu mernah ka mangsa
Sagara mapagkeun lemah
Ngajerit pangeusi nagri
Bingung mulangkeun dirina
Muru waktu teu tinemu
Teuing kamana balikna
