Quantcast
Channel: Bayt al-Hikmah Institute
Viewing all articles
Browse latest Browse all 1300

Carita Para Nabi urang Sunda

$
0
0

Carita Para Nabi urang Sunda
Euweuh nu apal, ngan pernah aya nu apal, nu ngarana Dongeng
(Dongeng / Nyata)

Lemah Sunda (Nusa Jawa) geus kolot umurna, nu ngajadikeun nusa Jawa sanajan leutik tapi leuwih rame di banding Sumatera, Kalimantan jeung Papua, tur jadi nusa paling padet Sadunya, taya lian nu jadi sabab musababnamah nyaeta lemah patilasan para Nabi)

1. Nabi Adam (KL : 23.000 SM) : Adam Lain mangrupa Ngaran tapi Gelar anu diberekeun pikeun mahluk nu anyar hirup, Adam hartina “Mahluk nu agung, panuluy mahluk nu aya saacana”. Nabi Adam hirup ngayuga paduduan jeung Hawa (hawa oge mangrupa Gelar) di hiji tempat handapeun gunung Gede (Paseuk Bumi – Suka Bumi kiwari ). Boga pangaweruh nu luar biasa, sagala apal, nya apal oge kana carita mahluk saacana. Satuluyna nyieun puseur kahirupan disisi walungan cikapundung, meh mangrupa Kadaton di luhur Talaga, ari ngaran Talagana nyaeta “Talaga Banda”. Satuluyna anak-anak Adam sumebar ka Lebak Sagara, nyieun pangwangunan tur rupa-rupa kadaton (nu kiwari jadi laut Jawa)


2. Nabi Suta (KL : 20.000 SM): sok disebut oge Syits, minangka gelar pikeun budak anu alus budina, hirup di hiji tempat handapeun gunung “Talaga Wasa” (Tumenggung kiwari). Katurunan nabi Suta sumebar ka sakuliah alam dunya, ka asup ka nusa Majeti (hiji daratan lega nu ilang di kautan Pasifik)
3. Nabi Idris (KL : 17.000 SM): Idris mangrupa Gelar ka hiji manusa anu motekar kana kadirgantaraan, bisa nyeiun rupa-rupa banda nu bisa ngapung, tur nyieun rupa-rupa tutulisan oge buku-buku. Idris hirup di salah sahiji tempat segi tiga antara “Talaga Banda jeung Talaga Wasa”, sisieun walungan gede, nu kiwari kakeueum ku laut Jawa.
4. Nabi Hidir (KL : 13.000 SM) : Mangrupa Gelar pikeun hiji urang manusa nu bisa maca totonden. Hirup di hiji tempat di sisi basisir lau kidul. (Karang Nini – Pangandaran Kiwari)
5. Nabi Enoh (KL : 11.000 SM): Enoh mangrupa gelar pikeun anak tukang kaen. Enoh hirup dihiji tempat, handapeun gunung Patuha.
Dina mangsa Enoh ieu umat manusa geus nincak 12.000 taun, satuluyna dunya nglaman oyag tur peteng, dunya kakeueum ku Bala cai.
6. Nabi Ayub (KL : 6.000 SM): Mangrupa gelar pikeun hiji manusa nu kawilang jembar. Hirup di hiji tempat nu kiwari disebut “Cilacap”. Mangrupa jalma nu bisa ngabukbak leuweung jadi huma, nya huma jadi sawah, kalawan entep teu ngaruksak alam jeung teu nimbulkeun longsor sumawona banjir.
7. Nabi Daud (KL : 4.500 SM): ngaran aslina Dawa, Daud mangrupa gelar pikeun manusa nu bisa nyieun rupa-rupa elmu itung, palintangan (pabentangan) ngitung arah angin, pikeun rupa-rupa tatanen, urang sejena sok nyarebut DEWA. Mimiti ayana gelar Dewa teh mangrupa sesebutan pikeun Raja Daud anu kuat. Remen nyenyepeng regang “Iteuk” salaku jimat, remen gelut jeung sato MAUNG, nu antukna boga babaturan MAUNG (salaku ingon-ingon kukutan), Daud kakoncara oge pernah ngelehkeun prajurit buta nu awakna jarangkung badag nu jangkungna 3 meter satengahan. Parajurit buda di elehkeun ku Daud ngan make Regang “Iteuk” tina Jati jeung Batu tur elmu “Pamaung”. Timimiti harita katelah ayana (Regang/Tongkat Raja) jeung mimiti mucunghulna simbul Maung. Raja Daud hirup di handapeun gunung Cereme. (ajaran nabi Daud ieu nu dipikukuh jadi Sunda Wiwitan)
8. Nabi Sulaeman (KL : 4.000 SM) : Mangrupa gelar pikeun manusa nu ngaraja di wetan, boga kadaton karajaan nu kawilang pang megahna sa dunya, hirup dihiji tempat di gunung Sireum, satuluyna milih hiji tempat tengah lebak pikeun Kadaton karajaan (Sleman-Jawa tengah Kiwari) boga Surau pangendahna sadunya (candi Prambanan kiwari). Ngadenge beja di Yaman (katurunan Sam) aya karajaan Kulon nu ngawasa daerah kulon, sumembah ka panon poe, nya tuluy ditaklukeun ku cara dipindahkeun kadatona, nya jadi Barabadara (borobudur kiwari), nya tuluy kawin nyieun katadon di pasir Baka (candi Ratu Boko kiwari). Karajaan Sulaeman runtuh ku sabab diserang ku urang Yahudi wetan nu kulitna hideung jeung buukna galing. Nu pangancurna nyaeta Istana ratu Boqo di tugar tur di duruk, sedengkeun surau Sulaeman, dijadikeun pura sesembahan kana Arca, utamana Arca Samiri Balamin. Satuluyna loba rajakaya Sulaeman di bawa kana ratusan kapal nu sandar di Palang tritis, di barawa ka Pilistina (Daerah Bulan Sabit kiwari “Israel-Palestina). Satuluyna urang-urang Yahudi nu kungsi ngagempur kadaton Boko, beunang di usir ku katurunan Daud nu sejena nu nyindek di Galuh.

 



Viewing all articles
Browse latest Browse all 1300