Quantcast
Channel: Bayt al-Hikmah Institute
Viewing all articles
Browse latest Browse all 1300

Kapamimpinan Sunda ?

$
0
0

 Nyungsi Pamendak: Kapamingpinan Sunda.

ku : Roza Rahmadjasa Mintaredja

Meureun, nu sabenerna mah lain Kapamingpinan Numutkeun Budaya Sunda, tapi Kapamingpinan Numutkeun Manusa anu dianggap Apal kana Budaya Sunda. Ari sababna?

Lantaran budaya Sunda mah moal bisaeun cumarita ihwal kapamingpinan, budaya Sunda mah hiji sistem ajen/nilai, lain manusa. Kahiji eta; atuh kadua, sabenerna teu wasa kuring kudu ngaguar sual kapamingpnan dina papagon budaya Sunda da rumasa kuring mah lain jalma anu representatip pikeun ngawakilan ajen budaya Sunda dina jejer kapamingpinan. Sajaba ti eta, ngadurenyomkeun kapamingpinan Sunda, enteng bangga keur nyungsina. Ari entengna, bisa indit bari cicing, bisa nanya bari pireu. Atuh ari banggana, ongkoh deukeut tapi hese diteangna, ongkoh aya tapi hese ditanyana. Puguh ge, hese nyiar kalimah anu bisa kahontal ku akal teh. Da enya kitu dina kalimahna ari boga patekadan nyungsi naon anu disebut kapamingpinan Sunda mah. Ngan kira-kira eta ajen kapamingpinan Sunda bisa diguar mun seug urang miangna dina tetekon daek dipingpin oge daek mingpin. Daek mingpin diri kalayan daek dipingpin ku ajen budaya Sunda anu teu pagedrug sareng ajaran Gusti. Aya sababaraha pamendak anu bisa disungsi kalayan daria.

*Kahiji. – Pamingpin Sunda lain jalma anu umaku yen dirina ‘wakil wujud’ tina ajen budaya Sunda. Mun aya wae saeutik dina hate, ngararasa dirina jadi pamingpin Sunda, otomatis batal eta kapamingpinanana, alias anu kitu mah pamingpin kajajaden, anu karesepna parebut jojodog di bale agung. Pamingpin Sunda anu kajajaden biasana ngagedur sumangetna pikeun ngabelaan Sunda.

Beuh ! Sunda mah teu perlu dibelaan, tada teuing umaingna mun aya jalma anu boga patekadan daek ngabelaan Sunda.

Nu puguh mah Sunda anu geus ngabelaan urang, nu geus welcome ka urang, bumina ku urang ditincak, caina ku urang di inum jst.na.

Tah , mun urang geus boga rasa rumasa yen Sunda teh gede pisan jasana ka urang, nya payus, jeung sakuduna mun seug urang saeutik jeung gede diajar ‘mulang tarima’ ka Sunda, teu ku harta, atuh ku harti. Dina pakasaban mah aya paribasa: Mun butuh supa na, piara catangna. Ana kitu mah mun urang butuh kaSundaan, nya piara, palire ‘budi’ jeung ‘daya’ Sunda na.

*Kadua. – Pamingpin Sunda nyaeta hiji jalma anu ngarti kalayan surti kana modal dirina, anu disebut ‘budi’ atawa sebut wae hirupna dina rasa perasaan anu hade atawa suci. Budi pamilih nu bisa misahkeun (lain ngan saukur ngabedakeun), mana bener, mana salah, mana alus mana goreng. Nu daya hirupna tara dudupak-rurumpak.

*Katilu. – Mun seug eta modal teh geus dipalire kalayan apal kana papagon hirup tur kahirupan, tinangtu bakal apal kana sumberna anu disebut Guru Mursid anu aya disejeroning Dirina.

Naon anu dimaksud? Eta anu aya dina sajeroning diri,anu sok ngomong jeung nuduhkeun, nitah bener nyarek salah, nitah jujur nyarek bohong. Ngajawab henteuna eta guru mursid gumantung kana bener jeung salahna urang, jujur jeung henteuna urang.

*Kaopat. – Dina raraga ngawincik, ciri2na pamingpin Sunda anu sajati, sarat kahiji , urang Sunda kudu intropeksi Diri, tuluy ngawangun jiwa satria anu tumarima kana sagala kakurangan, sarta deak ngawujudkeun kasadaran pikeun nyonto mola kana tangtungan papayung Sunda baheula, geus ngabuktikeun tuhu tumut kana rasa sajatina, wawuh ka guru mursidna, bener dina prakprakanana, jujur dina kumawula na.

Samemeh nyonto mola kana sistem papayung Sunda baheula. Kudu jawab heula ieu patakonan: Cing saha papayung Sunda baheula? Anu luhung, teu adigung, teu sarakah, adil ka sapangeusi nagri, wijaksana kaputusanana, nyaah ka rahayatna, anu nyambuang wawangina tug nepi ka kiwari. Pikeun urang Sunda anu ngabogaan jiwa satria sacara jiwa bangsana, pasti bakal ngajawab sarta daek jeung ngakuna , oge boga niat jeung nyonto molana, teu aya deui lintang ti Hyang Prabhu Siliwangi.

Naon atuh ageman Siliwangi nepi ka ngabogaan gelar Sri Baduga Maha Raja Prabhu Agung Siliwangi di pakwan Padjadjaran? Lain pedah ku bisa ngahijikeun karajaan Sunda jeung Galuh nu dina ngaran Padjadjaran, tapi sategesna ku geus tumut ka rasa sajatina, ka guru mursidna, anu jiwana dieusian ku palsapah bangsana.

Dina jaman pamarentahan ayeuna diparake kedok wungkul. Kiwari oge loba anu apaleun kana palsapah Sunda, ngagalantang cumarita sual ‘ageman Siliwang’ , ngan dina lebah prak-prakanana, angger we , pakia-kia jeung ageman Siliwangi. Ngan ukur apal cangkem. Kedok wungkul. Udaganana ngan ukur dunya , tahta jeung wanoja ! Geus lain wayah ngadurenyomkeun Siliwangi, geus waktuna ngawujudkeun ageman Siliwangi, sakadada sakadugana, dina widang masing-masing. Jadikeun Diri anu saJati, anu wanoh kana kalimah dina kiwari ngancik bihari, seja ayeuna sampeureun jaga. Ngan poma ulah nyanghareup ka poe kamari, nonggongan poe isuk. (kitu ceuk ki Adi anu di jalan Sunda). Ribut sual anu kamari, ribut sual isuk, ari nasib poe ieu kaluli-luli. Naudubillah ! Cag Rampes ! Rampa-salira.

*) Dicutat, diropea deui tina acara Forum Diskusi Sunda tema Kepemimpinan Budaya Sunda .”Nyungsi Pamendak Kapamingpinan Sunda”. Salasa 24 Feb 2004, Pendopo Kota Bandung.
[4:37 PM, 8/29/2019] kang OCA: ieu salah sawios sasieureun sabeunyeureun implengan oca 15 taun katukang. 🙏🌹
[4:37 PM, 8/29/2019] kang OCA: tah rampa salira teh introspeksi diri…rampes


Viewing all articles
Browse latest Browse all 1300